Problema Urang Sunda
Ti mimiti taun tujuhpuluhan, aya
parobahan gedé di tatar Sunda. Pausahaan-pausahaan deungeun ngalabring
daratang, dituturkeun ku pagawé-pagawéna. Barang-barang ahéng ti luar
nagri jadi ceuyah. Proyék-proyék merul. Harga tanah ogé ngarayap naék.
Ari keur masyarakat leutik nu teu ngarti pulitik mah nya atoh wé nu aya.
Harga tanah nu biasana ukur saratus rébu satumbak, ditawar jadi tilu
tikeleun. Atuh sawah, balong, jeung kebon katut tatangkalanana ogé nya
dijarualan ku nu bogana. Ari maranéhna tuluy milih nyalingkir ka sisi,
néangan nu hargana masih kénéh murah. Duit ladang ngajual tanah téa, ku
manéhna ditumpakan jadi motor atawa mobil. Puguh wé jadi asa gaya. Sikep
hirup ogé ngadadak robah. Jadi leuwih resep nge-”band” jeung nge-”rock” batan
ngacapi suling atawa ngadegung. Teu saladar, yén nu geus dijarualan ku
maranéhna téh saenyana mah lain ngan sakadar tanah titinggal ti kolot,
tapi éta téh lemah cai. Lemah jeung cai wariskeuneun ka anak incu urang
Sunda.
Kiwari, hamo bisa dipungkir, nasib nu
keur karandapan ku urang Sunda téh saeutik ogé henteu matak
pikareueuseun. Boh dina kahirupan sosialna, boh dina kahirupan pulitik,
ékonomi, nya kitu deui dina kahirupan budayana. Urang Sunda lir anu
ngumbara di lemah caina sorangan. Cenah, tujuh puluh persén tanah di
Tatar Sunda nu ngapimilikna kiwari geus lain urang Sunda deui. Tina
kurang leuwih dua puluh atawa tilu puluh juta urang Sunda, cenah, paling
banter ogé ukur aya sajuta atawa dua juta nu kahirupan ékonomina
kaitung mapan. Bari, ti antara nu kahirupanana mapan ogé ari nu masih
nyésa kénéh rasa kasundaanana mah paling banter ukur raratusan, mun
henteu rébuan.
Nurutkeun sajarah, biasana leungitna hiji
bangsa téh sok dimimitian ku leungitna basa jeung budayana. Ku sabab
éta, saupama kaayaan urang Sunda nu sarupa kieu diantep teu dioméan, teu
mustahil dina kurun waktu nu moal lila deui ogé, étnis Sunda bakal
sirna ukur kari ngaranna. Naha rék téga?
***
Dicutat tina, http://dadangsadkar.wordpress.com/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar